PCS
| Standar telepon mobil jeung data |
| Kulawarga GSM / UMTS
|
| 2G |
| 3G |
| Pre-4G |
| Kulawarga cdmaOne / CDMA2000
|
| 2G |
| 3G |
| Pre-4G |
| Tehnologi sejen
|
| 0G |
| 1G |
| 2G |
| Pre-4G |
| Pita frékuénsi
|
PCS, singketan tina kecap-kecap basa Inggris Personal Communications Service, nyaéta ngaran pikeun téknologi nu maké pita frékuénsi radio 1900-MHz nu digunakeun pikeun layanan telepon mobil digital di Kanada, Méksiko jeung Amérika Sarikat. Di patempatan lian, pita frékuénsi kasebut digunakeun pikeun téknologi CDMA, GSM, jeung D-AMPS. Federal Communications Commission (FCC), régulator widang télékomunikasi di Amérika Sarikat, ogé Industry Canada, régulator télékomunikasi di Kanada, ngalokasikeun pita frékuénsi 1850-1990 MHz pikeun pamakéan telepon mobil dina taun 1994, mangsa pita frékuénsi telepon sélulér munggaran nu dijalankeun dina frékuénsi 824-894 MHz geus mimiti pinuh. Telepon GSM pita-ganda di buana Amérika Kalér bisa dipaké dina dua pita frékuénsi 850 MHz jeung 1900 MHz, sanajan éta alat teu bisa dipaké pikeun téknologi sélulér 900 MHz jeung 1800-MHz nu dipaké di Éropah jeung Asia. Sanajan kitu, telepon GSM tilu-pita atawa opat-pita bisa digunakeun sakaligus di Amérika, Éropah jeung Asia. Di luar Amérika Kalér, istilah PCS dipaké nujul kana GSM-1900. Di Hong Kong, istilah PCS digunakeun nujul kana GSM-1800.
Tempo ogé
[édit | édit sumber]Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- GSM World
- FCC: Broadband PCS Archived 2003-08-01 di Wayback Machine